Jumat, 13 Desember 2013

Istilah Dina Tatangkalan Bahasa Sunda

Balukang = palapah kawung
Baralak/ barangbang = daun kalapa nu geus garing dina tangkalna
Bongol = bagian tangkal kalapa/ cau nu panghandapna (tempat bijilna akar)
Catang = tangkal kai nu geus ngagoler (garing) lantaran runtuh atawa dituar
Dadangklok = palapah daun kalapa
Gebog = palapah daun cau anu garing anu ges di piceun dauna
Iwung = anak awi nu mangrupa boros keneh (sok didahar: disepan diangeun)
Kacamah = bibit kacang nu kakara kaluar tina jero taneh (toge)
Kalakay = daun nu geus garing (nu geus murag ka taneuh)
Kararas = sesebutan husus pikeun daun cau nu geus garing
Kitri = anak tangkal kalapa anu can di pelakeun
Koleang = daun nu geus garing, nu ngoleang murag tina tangkalna (samemeh tepi ka taneuh)
Pancar = tangkal awi nu geus garing (sok dipake suluh)
Pangpung = bagian dina tangkal kai, dahan, nu paeh/ garing
Petet = bibit tutuwuhan nu leutik keneh, nu jadi sorangan atawa beunang ngahaja melak
Pucuk / punceur = tutung atawa congo tatangkalan
Ruyung/ bogor = bagian anu teuas dina tangkal kawung
Regang = dahan kai atawa awi nu leutik anu ges murag dauna
Sintung = kemang kalapa atawa jame anu kakara kaluar (can mekar)
Sirung = pidahaneun atawa pitangkaleun nu kakara jadi, melentis
Tunggul = bagian tangkal sesa nuar

Pentil:
Pentil buah = pakel
Pentil jagong = semi
Pentil kalapa = baruluk
Pentil nangka = tongtolang

Sipat Buah Ngora:

Buah (pakel) = meujeuhna rumangu
Cau = meujeuhna rumegang
Gedang = meujeuhna gumading
Hiris (keceprek)
Jengkol = meujeuhna lumiat
Hui = meujeuhna sumagol
Kalapa (cengkir)
Kalapa (dawegan) = meujeuhna lumeho
kalapa = sumodok (meujeuhna di sodok)
Nangka (ketewel)
Tangkil = meujeuhna dumewegan

Ngaran buah anu teu di sebut tangkalna :

Buah asem = kamal
Buah jambe = jebug
Buah kawung = caruluk
Buah kiray = langgoko
Buah teureup = benda

Tidak ada komentar:

Posting Komentar